INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUND
Ieu panalungtikan ngeunaan puisi mantra tatanén anu sumebar di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang. Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun klasifikasi hasil invéntarisasi puisi mantra di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang, puisi-puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu...
Saved in:
Main Author: | |
---|---|
Format: | Book |
Published: |
2014-10-10.
|
Subjects: | |
Online Access: | Link Metadata |
Tags: |
Add Tag
No Tags, Be the first to tag this record!
|
Summary: | Ieu panalungtikan ngeunaan puisi mantra tatanén anu sumebar di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang. Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun klasifikasi hasil invéntarisasi puisi mantra di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang, puisi-puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang, jeung larapna hasil panalungtikan kana bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif, sarta ngagunakeun téhnik studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Hasil tina ieu panalungtikan aya 93 puisi mantra anu diinvéntarisasi, tina klasifikasi puisi mantra kapanggih aya 24 asihan, 46 jangjawokan, 7 singlar, 10 rajah, jeung 6 jampé, tur aya 40 mantra tatanén, jeung 53 anu lain mantra tatanén. Tina déskripsi 40 mantra tatanén, aya 31 jangjawokan, 7 rajah, jeung 2 singlar. Basa anu digunakeun dina mantra tatanén nya éta basa Sunda, basa Sansekerta, basa Kawi, basa Arab, basa Jawa, basa Tamil, jeung basa Jawa Cirebon. Éta mantra tatanén téh miboga tujuan nu hadé. Tempat mapatkeun éta mantra téh aya nu di sawah, di huma, di kebon, di leuit atawa gudang, jeung di pabéasan. Kapercayaan anu katitén dina éta mantra tatanén nya éta kapercayaan urang Sunda anu kacampuran ku kapercayaan Islam jeung Hindu. Pakakas anu digunakeun dina waktu mapatkeun éta mantra nya éta menyan, parukuyan, upet, bedog, tamiang, undem, cai, hanjuang, umbul-umbul, jeung saung sanggar. Prak-prakan mapatkeun éta mantra réréana bari ngukus. Pikeun ngawasa éta mantra ulah milampah pagawéan nirca, aya ogé nu ulah dipapatkeun ku lalaki, ulah dipapatkeun ku awéwé, sarta aya nu kudu puasa wewedalan jeung mutih. Hasil analisis dumasar kana kritéria milih bahan pangajaran anu hadé aya 31 mantra anu bisa dijadikeun bahan pangajaran jeung 9 mantra anu teu bisa dijadikeun bahan ajar. Tina hasil ieu panalungtikan disusun dua bahan pangajaran anu mangrupa conto, nya éta bahan pangajaran mantra pikeun murid SMA kelas XI jeung artikel pikeun murid kelas XII. |
---|---|
Item Description: | http://repository.upi.edu/15979/1/S_BD_1008841_Title.pdf http://repository.upi.edu/15979/2/S_BD_1008841_Abstract.pdf http://repository.upi.edu/15979/3/S_BD_1008841_Table_of_Content.pdf http://repository.upi.edu/15979/4/S_BD_1008841_Chapter1.pdf http://repository.upi.edu/15979/5/S_BD_1008841_Chapter%202.pdf http://repository.upi.edu/15979/6/S_BD_1008841_Chapter3.pdf http://repository.upi.edu/15979/7/S_BD_1008841_Chapter4.pdf http://repository.upi.edu/15979/8/S_BD_1008841_Chapter5.pdf http://repository.upi.edu/15979/9/S_BD_1008841_Bibliography.pdf http://repository.upi.edu/15979/10/S_BD_1008841_Appendix.pdf |