BAHAN AJAR BIANTARA DINA BUKU TEKS BASA SUNDA : Analisis Gradasi Materi Ajar katut Relevansina kana Kurikulum 2013

Panalungtikan ngeunaan "Bahan Ajar Biantara dina Buku Teks Basa Sunda (Analisis Gradasi Materi Ajar katut Relevansina kana Kurikulum 2013)", tujuannana pikeun ngadékripsikeun bahan ajar biantara, gradasi bahan ajar biantara, relevansina bahan ajar biantara dina buku teks Pamekar Diajar Ba...

Full description

Saved in:
Bibliographic Details
Main Author: Fazrini, Dwi Luqiatul (Author)
Format: Book
Published: 2015-06-24.
Subjects:
Online Access:Link Metadata
Tags: Add Tag
No Tags, Be the first to tag this record!
Description
Summary:Panalungtikan ngeunaan "Bahan Ajar Biantara dina Buku Teks Basa Sunda (Analisis Gradasi Materi Ajar katut Relevansina kana Kurikulum 2013)", tujuannana pikeun ngadékripsikeun bahan ajar biantara, gradasi bahan ajar biantara, relevansina bahan ajar biantara dina buku teks Pamekar Diajar Basa Sunda pikeun murid unggal jenjang atikan jeung Kurikulum 2013. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode panalungtikan kualitatif. Nu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta buku teks basa sunda kurikulum 2013 "Pamekar Diajar Basa Sunda" kénging Pamaréntah Provinsi Jawa Barat. Buku téks mangrupa bagian penting tina sababaraha sistem pendidikan nu ngarojong pikeun ngécéskeun hal nu aya dina kurikulum jeung minangka babon pikeun guru dina ngalaksanakeun pangajaran. Buku teks basa Sunda teu loba nu ngagarap. Kacindekan hasil panalungtikan, Bahan ajar biantara aya di unggal jenjang atikan nya éta SD kelas VI, SMP kelas VIII, SMA kelas X sarta miboga struktur pidangan anu béda. Struktur pidangan bahan ajar biantara di SD aya sapuluh kagiatan diajar, di SMP aya lima kagiatan diajar, di SMA aya lima kagiatan diajar. Gradasi bahan ajar biantara nu kapaluruh dumasar kana hasil angkét ti guru, hasilna nya éta 75 % Siswa SD nyangkem kana eusi bahan ajar biantara, 84% Siswa SMP nyangkem kana eusi bahan ajar biantara, 73% Siswa SMA nyangkem kana eusi bahan ajar biantara. Rélévansi bahan ajar biantara nu kapuluruh aya sababaraha kagiatan diajar nu teu saluyu jeung téma. Aya sababaraha KD nu teu kapidangkeun dina buku téks Pamekar Diajar Basa Sunda.
Item Description:http://repository.upi.edu/16019/3/T_PBBS_1302246_Title.pdf
http://repository.upi.edu/16019/3/T_PBBS_1302246_Abstract.pdf
http://repository.upi.edu/16019/4/T_PBBS_1302246_Table_of_content.pdf
http://repository.upi.edu/16019/1/T_PBBS_1302246_Chapter1.pdf
http://repository.upi.edu/16019/1/T_PBBS_1302246_Chapter2.pdf
http://repository.upi.edu/16019/1/T_PBBS_1302246_Chapter3.pdf
http://repository.upi.edu/16019/1/T_PBBS_1302246_Chapter4.pdf
http://repository.upi.edu/16019/1/T_PBBS_1302246_Chapter5.pdf
http://repository.upi.edu/16019/2/T_PBBS_1302246_Bibliography.pdf