TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA : Ulikan struktural-sémiotik
Ieu tésis dijudulan "Tradisi Babarit Désa di Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka (Ulikan Struktural-Sémiotik)". Disusun pikeun sarat ujian sidang Magister Pendidikan Prodi Bahasa dan Budaya Sunda. Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan budaya ngeunaan upacara tradisi Babarit Désa...
Saved in:
Main Author: | |
---|---|
Format: | Book |
Published: |
2015-06-30.
|
Subjects: | |
Online Access: | Link Metadata |
Tags: |
Add Tag
No Tags, Be the first to tag this record!
|
Summary: | Ieu tésis dijudulan "Tradisi Babarit Désa di Kacamatan Palasah Kabupatén Majalengka (Ulikan Struktural-Sémiotik)". Disusun pikeun sarat ujian sidang Magister Pendidikan Prodi Bahasa dan Budaya Sunda. Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan budaya ngeunaan upacara tradisi Babarit Désa anu dilaksanakeun ku masarakat Désa Waringin. Tujuan diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho kasang tukang, fungsi, struktur, jeung simbol-simbol nu aya dina upacara tradisi Babarit Désa. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Ieu métode digunakeun pikeun ngungkab hal-hal anu aya di lapangan. Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun datana nya éta téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi. Sedengkeun cara nu digunakeun pikeun ngulik data-datana nya éta ku cara ulikan struktural-sémiotik. Ieu ulikan digunakeun pikeun ngungkab simbol-simbol anu aya dina sasajén upacara tradisi Babarit Désa. Dina ieu panalungtikan kapanggih data, nya éta upacara tradisi Babarit Désa mangrupa salasahiji tradisi warisan karuhun Désa Waringin. Ieu tradisi dilaksanakeun sataun sakali saméméh usum panén. Tujuanana sangkan sawah-sawah disinglarkeun tina mamala anu bakal ngabalukarkeun panénna gagal. Tradisi Babarit Désa mangrupa ungkapan rasa sukur masarakat Désa Waringin ka Gusti Allah sangkan Gusti Allah salawasna ngalimpahkeun sagala kani'matan ka masarakat Désa Waringin. Ieu tradisi miboga tilu fungsi nya éta pikeun fungsi spiritual, sosial, jeung kamekaran pariwisata. Dina ieu tradisi aya dua rupa wangun sasajén. Tilu rupa wangun pakakas sasajén jeung 16 rupa wangun bahan sasajén. Ieu sasajen-sasajén téh mangrupa bukti ungkapan rasa sukur ka Gusti Allah jeung unggal sasajén miboga masing-masing simbol di jerona. Ahirna, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun nambahan élmu pangaweruh utamana ngeunaan budaya Sunda jeung dipiharep bisa nambahan pangaweruh ngeunaan simbol-simbol nu aya di jerona. |
---|---|
Item Description: | http://repository.upi.edu/16050/8/T_BD_1202201_Title.pdf http://repository.upi.edu/16050/7/T_BD_1202201_Abstract.pdf http://repository.upi.edu/16050/6/T_BD_1202201_Table_of_Content.pdf http://repository.upi.edu/16050/5/T_BD_1202201_Chapter1.pdf http://repository.upi.edu/16050/4/T_BD_1202201_Chapter2.pdf http://repository.upi.edu/16050/3/T_BD_1202201_Chapter3.pdf http://repository.upi.edu/16050/2/T_BD_1202201_Chapter4.pdf http://repository.upi.edu/16050/1/T_BD_1202201_Chapter5.pdf http://repository.upi.edu/16050/10/T_BD_1202201_Bibliography.pdf http://repository.upi.edu/16050/9/T_BD_1202201_Appendix.pdf |