RARANGKÉN TUKANG DINA KARANGAN PANGALAMAN PRIBADI SISWA KELAS VII SMPN 44 BANDUNG : Tilikan Struktur, Fungsi, jeung Harti

Kasang tukang dina ieu panalungtikan nya éta kurangna pamahaman siswa dina ngalarapkeun rarangkén tukang. Larapna rarangkén tukang loba kapanggih dina karangan pangalaman pribadi siswa. Ku kituna, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun struktur, fungsi, jeung ha...

Full description

Saved in:
Bibliographic Details
Main Author: Maulani, Cici (Author)
Format: Book
Published: 2015-02-16.
Subjects:
Online Access:Link Metadata
Tags: Add Tag
No Tags, Be the first to tag this record!
Description
Summary:Kasang tukang dina ieu panalungtikan nya éta kurangna pamahaman siswa dina ngalarapkeun rarangkén tukang. Larapna rarangkén tukang loba kapanggih dina karangan pangalaman pribadi siswa. Ku kituna, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun struktur, fungsi, jeung harti rarangkén tukang nu aya dina karangan pangalaman pribadi siswa kelas VII SMPN 44 Bandung. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Téhnik anu dipaké dina ngumpulkeun data nya éta téhnik tés jeung studi pustaka anu ngagunakeun kartu data minangka instruménna. Data anu geus kakumpul dianalisis ngagunakeun téhnik analisis unsur langsung. Dumasar kana hasil analisis data aya 108 kecap anu ngagunakeun rarangkén tukang tina 53 karangan pangalaman pribadi siswa kelas VII SMPN 44 Bandung. Tina éta data kapanggih (1) 4 rupa rarangkén tukang, nya éta -an, -eun, -keun, jeung -na, (2) struktur kecap rundayan anu wangun dasarna ditapelkeun rarangkén tukang -an aya 3 pola, rarangkén tukang -eun aya 3 pola, rarangkén tukang -keun aya 2 pola, jeung rarangkén tukang -na aya 3 pola, (3) dua rupa fungsi rarangkén tukang, nya éta dérivasi jeung infléksi, (4) 9 harti tina rarangkén tukang -an, 3 harti rarangkén tukang-eun, 1 harti rarangkén tukang -keun, jeung 4 harti rarangkén tukang -na.
Item Description:http://repository.upi.edu/17232/4/S_BD_1105898_Title.pdf
http://repository.upi.edu/17232/5/S_BD_1105898_Abstract.pdf
http://repository.upi.edu/17232/1/S_BD_1105898_Table_of_Content.pdf
http://repository.upi.edu/17232/6/S_BD_1105898_Chapter1.pdf
http://repository.upi.edu/17232/3/S_BD_1105898_Chapter2.pdf
http://repository.upi.edu/17232/2/S_BD_1105898_Chapter3.pdf
http://repository.upi.edu/17232/3/S_BD_1105898_Chapter4.pdf
http://repository.upi.edu/17232/3/S_BD_1105898_Chapter5.pdf
http://repository.upi.edu/17232/6/S_BD_1105898_Bibliography.pdf
http://repository.upi.edu/17232/5/S_BD_1105898_Appendix.pdf