MODÉL SNOWBALL THROWING DINA PANGAJARAN NULIS TÉKS BIOGRAFI (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI MIPA 5 di SMA Negeri 19 Bandung Taun Ajaran 2022/2023)

Kasang tukang dina ieu panalungtikan nyaéta kurangna pamahaman siswa dina ngaidéntifikasi téks narasi ngeunaan biografi nu luyu jeung struktur téks sarta unsur kabahasaan. Tujuan dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho éféktivitas pangajaran basa Sunda dina ngaronjatkeun minat diajar n...

Full description

Saved in:
Bibliographic Details
Main Author: Nugi Nugraha, - (Author)
Format: Book
Published: 2022-09-22.
Subjects:
Online Access:Link Metadata
Tags: Add Tag
No Tags, Be the first to tag this record!
Description
Summary:Kasang tukang dina ieu panalungtikan nyaéta kurangna pamahaman siswa dina ngaidéntifikasi téks narasi ngeunaan biografi nu luyu jeung struktur téks sarta unsur kabahasaan. Tujuan dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun mikanyaho éféktivitas pangajaran basa Sunda dina ngaronjatkeun minat diajar ngagunakeun modél pangajaran Snowball Throwing ka siswa kelas XI SMA Negeri 19 Bandung dina pangajaran nulis téks biografi. Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kuantitatif kalawan métode ékspérimén ku cara méré pretest jeung posttest. Dumasar hasil panalungtikan, ngahasilkeun tilu perkara. Kahiji, kamampuh nulis téks biografi saméméh ngagunakeun modél Snowball Throwing aya dina katégori can mampuh. Kadua, kamampuh nulis téks biografi sanggeus ngagunakeun modél Snowball Throwing aya dina katégori mampuh. Katilu, ayana béda anu signifikan antara kamampuh saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél Snowball Throwing dina pangajaran nulis téks biografi siswa SMA kelas XI. Dumasar kana éta hal, bisa dicindekeun yén modél pangajaran Snowball Throwing bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis téks biografi di SMA. Kecap galeuh: modél Snowball Throwing, nulis, téks biografi
Item Description:http://repository.upi.edu/82471/1/S_BD_1803977_Title.pdf
http://repository.upi.edu/82471/2/S_BD_1803977_Chapter1.pdf
http://repository.upi.edu/82471/3/S_BD_1803977_Chapter2.pdf
http://repository.upi.edu/82471/4/S_BD_1803977_Chapter3.pdf
http://repository.upi.edu/82471/5/S_BD_1803977_Chapter4.pdf
http://repository.upi.edu/82471/6/S_BD_1803977_Chapter5.pdf
http://repository.upi.edu/82471/7/S_BD_1803977_Appendix.pdf