MODÉL PANGAJARAN KOOPERATIF JIGSAW PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH MACA PAMAHAMAN CARITA PONDOK (Studi Kuasi Ékspérimén di Kelas VIII A SMPN 1 Garut Taun Ajaran 2021 - 2022)
ABSTRAK Kasang tukang ieu panalungtikan nyaéta kurangna motivasi jeung minat siswa dina pangajaran maca pamahaman carita pondok. Antukna kamampuh siswa dina maham eusi carita pondok dumasar kana aspék struktur, unsur jeung kabasaan kurang. Tujuan tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadeskripsik...
Saved in:
Main Author: | |
---|---|
Format: | Book |
Published: |
2022-06-29.
|
Subjects: | |
Online Access: | Link Metadata |
Tags: |
Add Tag
No Tags, Be the first to tag this record!
|
Summary: | ABSTRAK Kasang tukang ieu panalungtikan nyaéta kurangna motivasi jeung minat siswa dina pangajaran maca pamahaman carita pondok. Antukna kamampuh siswa dina maham eusi carita pondok dumasar kana aspék struktur, unsur jeung kabasaan kurang. Tujuan tina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadeskripsikeun: 1) kamampuh maca pamahaman carita pondok siswa saméméh ngagunakeun modél pangajaran kooperatif Jigsaw; 2) kamampuh maca pamahaman carita pondok siswa sanggeus ngagunakeun modél pangajaran kooperatif Jigsaw; 3) bédana kamampuh maca pamahaman carita pondok siswa antara saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran kooperatif Jigsaw. Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta siswa kelas VIII A SMPN 1 Garut Taun Ajaran 2021-2022 anu jumlah siswana aya 34 siswa, 19 siswa lalaki, jeung 15 siswa awéwé. Pamarekan anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta pamarekan kuantitatif kalawan make metode kuasi eksperimen. Dumasar kana hasil analisis data sacara umum kamampuh maca pamahaman carita pondok siswa kelas VIII A SMPN 1 Garut saméméh ngagunakeun modél pangajaran kooperatif jigsaw kagolong can tuntas, ku sabab rata-rata nilaina 62, sedengkeun sanggeus ngagunakeun modél pangajaran kooperatif jigsaw kagolong tuntas, kalawan rata-rata nilaina 73,4. Jadi bisa dicindekkeun yén modél pangajaran kooperatif jigsaw bisa ngaronjatkeun kamampuh maca pamahaman carita pondok di kelas VIII A SMPN 1 Garut ku sabab katiten ku ayana parobahan sanggeus ngagunakeun modél pangajaran kooperatif Jigsaw. |
---|---|
Item Description: | http://repository.upi.edu/84956/1/S_BD_1703182_Title.pdf http://repository.upi.edu/84956/2/S_BD_1703182_Chapter1.pdf http://repository.upi.edu/84956/3/S_BD_1703182_Chapter2.pdf http://repository.upi.edu/84956/4/S_BD_1703182_Chapter3.pdf http://repository.upi.edu/84956/5/S_BD_1703182_Chapter4.pdf http://repository.upi.edu/84956/6/S_BD_1703182_Chapter5.pdf http://repository.upi.edu/84956/7/S_BD_1703182_Appendix.pdf |