KARAKTERISTIK KAPAMINGPINANDINA CARITA PANTUN BADAK PAMALANG ULIKAN STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK GRANDINE APARTMENT

Judul tésis ieu téh nya éta Karakteristik Kapamingpinan dina Carita Pantun Badak Pamalang (Ulikan Semiotik jeung Struktural), boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun karakteristik kapamingpinan nu idéal nurutkeun urang Sunda nu aya dina carita pantun. Hal ieu didadasaran ku kaayaan masarakat nu geu...

Full description

Saved in:
Bibliographic Details
Main Author: Puspitaningsih, Desi Endah (Author)
Format: Book
Published: 2012-06-27.
Subjects:
Online Access:Link Metadata
Tags: Add Tag
No Tags, Be the first to tag this record!
Description
Summary:Judul tésis ieu téh nya éta Karakteristik Kapamingpinan dina Carita Pantun Badak Pamalang (Ulikan Semiotik jeung Struktural), boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun karakteristik kapamingpinan nu idéal nurutkeun urang Sunda nu aya dina carita pantun. Hal ieu didadasaran ku kaayaan masarakat nu geus teu percaya deui ka pamingpinna. Kateupercayaan masarakat ngakibatkeun rereged pikeun nagara dina sagala widang. Pamingpin nu dipiharep jadi wadah aspirasi pikeun rahayat malah hianat kana kapercayaan éta. Jelas kaayaan ieu diakibatkeun ku kateunyahoan para pamingpin ngeunaan hal-hal dasar dina kapamingpinan. Terus muncul patalékan kunaon baheula mah euweuh rereged siga kieu? Pasti hésé ngajawab patalékan éta sabab euweuh nu bisa dijadikeun babandingan nu pasti ngeunaan kahirupan bihari. Sumber nu konkrit ngeunaan kaayaan mangsa bihari pasti bakal hésé kapaluruh. Tapi aya jalan lain pikeun maluruhna nya éta salah sahijina ku pamarekan sastra. Sastra nu lahir di hiji daérah bakal kapangaruhan ku situasi di sakuliaheunna. Ku sabab éta, pantun salaku salah sahiji sastra lisan nu pangkolotna bisa ngagambarkeun mangsa bihari. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif anu mertélakeun struktur, sémiotik, jeung idéntifikasi karakteristik kapamingpinan Sunda. Sedengkeun tehnik nu dipaké nya éta talaah pustaka jeung talaah wacana. Tina panalungtikan ieu, katitén yén urang Sunda miboga kritéria nu luhung ngeunaan karakter pamingpin. Carita pantun Badak Pamalang cocok pisan pikeun dijadikeun objek panalungtikan sabab motivasi palaku utamana nya éta pikeun jadi pamingpin sajati. Carita Pantun Badak Pamalang dianalisis ngagunakeun téori Struktural Propp sarta Greimas, tuluy dibaladah deui perkara kajadian-kajadian dina lalampahanna ngagunakeun téori semiotik Pierce nepi ka kagambar karakter kapamingpinan nu aya dina ieu carita pantun Badak Pamlang. Dina panalungtikan ieu, kagambar kumaha démokratisna pamingpin Sunda nu digambarkeun ku Munding Sanggawati nu ngalakukeun babagian pancén nalika lalampahanna. Di ahir panalungtikan diébréhkeun kasimpulan sarta saran pikeun dunya atikan sarta pikeun umu
Item Description:http://repository.upi.edu/8627/1/t_pbbs_1004766_table_of_content.pdf
http://repository.upi.edu/8627/2/t_pbbs_1004766_chapter1.pdf
http://repository.upi.edu/8627/3/t_pbbs_1004766_chapter2.pdf
http://repository.upi.edu/8627/4/t_pbbs_1004766_chapter3.pdf
http://repository.upi.edu/8627/5/t_pbbs_1004766_chapter4.pdf
http://repository.upi.edu/8627/6/t_pbbs_1004766_chapter5.pdf
http://repository.upi.edu/8627/7/t_pbbs_1004766_bibiography.pdf