WANGUN JEUNG HUBUNGAN SEMANTIS ANTARKLAUSA KALIMAH NGANTÉT DINA RUMPAKA KAWIH SUNDA

Kawih miboga unsur-unsur basa jeung sastra. Unsur basa bisa dititénan tina digunakeunana kalimah dina rumpaka kawih. Éta struktur kalimah diwangun ku komponén-komponén nu pakait. Hubungan antara éta komponén-komponén téh nimbulkeun rupa-rupa harti. Masalah dina ieu panalungtikan ngawengku: 1...

Full description

Saved in:
Bibliographic Details
Main Author: Jajat, - (Author)
Format: Book
Published: 2012-07-13.
Subjects:
Online Access:Link Metadata
Tags: Add Tag
No Tags, Be the first to tag this record!
Description
Summary:Kawih miboga unsur-unsur basa jeung sastra. Unsur basa bisa dititénan tina digunakeunana kalimah dina rumpaka kawih. Éta struktur kalimah diwangun ku komponén-komponén nu pakait. Hubungan antara éta komponén-komponén téh nimbulkeun rupa-rupa harti. Masalah dina ieu panalungtikan ngawengku: 1) kumaha wangun kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda? jeung 2) kumaha hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda. Dumasar éta masalah, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) wangun kalimah ngantét dina éta rumpaka kawih Sunda, jeung 2) hubungan semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda. Pikeun ngungkap éta hal, dina ieu panalungtikan digunakeun pamarekan kualitatif, kalayan ngagunakeun métode deskriptif. Data dikumpulkeun ngaliwatan téhnik téks atawa talaah pustaka jeung téhnik analisis. Dumasar hasil panalungtikan, bisa dicindekkeun: 1) 57 kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda mangrupa kalimah ngantét koordinasi, nu ngagabungkeun dua klausa atawa leuwih nu séwang-séwangan miboga kalungguhan nu satata. Kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda nu klausana miboga hubungan koordinasi bisa dipolakeun: KNgKoord => Klausa Bébas ± Konj. Koord + Klausa Bébas. 2) Tina 57 kalimah ngantét nu nyampak dina 10 rumpaka, aya lima hubungan semantis antarklausa, ngawengku hubungan jumlah aya 9 kalimah (15,8%), hubungan lalawanan aya 7 kalimah (12,3%), hubungan tumuluy aya 15 kalimah (26,3%), hubungan sinambung aya 10 kalimah (17,5%). Ari hubungan panandes aya 16 kalimah (28,1%). Ditilik tina perséntasena, tétéla yén hubungan panandes pangréana muncul dina kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda.
Item Description:http://repository.upi.edu/8996/1/t_pbbs_0907684_table_of_content.pdf
http://repository.upi.edu/8996/2/t_pbbs_0907684_chapter1.pdf
http://repository.upi.edu/8996/3/t_pbbs_0907684_chapter2.pdf
http://repository.upi.edu/8996/4/t_pbbs_0907684_chapter3.pdf
http://repository.upi.edu/8996/5/t_pbbs_0907684_chapter4.pdf
http://repository.upi.edu/8996/6/t_pbbs_0907684_chapter5.pdf
http://repository.upi.edu/8996/7/t_pbbs_0907684_bibiography.pdf